perbedaan sajak dan carpon
B. Daerah
Dayat0107
Pertanyaan
perbedaan sajak dan carpon
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Sajak nyaeta salahsahiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket atawa kauger ku aturan. Dina sastra Sunda, ditilik tina wangun rumpakana aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan saperti wawacan jeung guguritan anu kaiket ku aturan pupuh, jeung puisi anu teu kaiket ku aturan saperti sajak jeung mantra.
Sedengkeun carpon atawa carita pondok nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra wangun prosa, nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta carpon jeung novel. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang.