B. Daerah

Pertanyaan

pancen jieun 10 kalimat sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SMA)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma atawa kasar. Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa atawa kalimah, nyaeta kalimah lemes keur ka sorangan atawa keur ka batur sasama atawa sahandapeun, jeung kalimah lemes keur ka anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Aturan anu aya patalina jeung ragam basa dina basa Sunda disebutna Tatakrama Basa Sunda.

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun kalimah loma atawa kasar, kalimah lemes keur ka sorangan, kalimah lemes keur ka anu sahandapeun, kalimah lemes keur ka anu saluhureun, jeung kalimah lemes keur ka anu dipikahormat :

    1. Kuring rek indit ka Bandung isukan (kalimah loma/kasar)
    2. Sim kuring bade mios ka Bandung enjing (kalimah halus keur sorangan)
    3. Pun adi bade mios ka Bandung enjing (kalimah halus keur batur sahandapeun)
    4. Pun lanceuk bade angkat ka Bandung enjing (kalimah halus keue batur saluhureun)
    5. Pa Guru bade angkat ka Bandung enjing (kalimah halus keur batur anu dipikahormat)
    6. Kuring rek balik ka imah (kalimah loma/kasar)
    7. Sim kuring bade wangsul ka rorompok (kalimah halus keur sorangan)
    8. Pun adi bade wangsul ka rorompk (kalimah halus keur batur sahandapeun)
    9. Pun lanceuk bade mulih ka rorompok / bumina (kalimah halus keue batur saluhureun)
    10. Pa Guru bade mulih ka bumina (kalimah halus keur batur anu dipikahormat)

Pertanyaan Lainnya