B. Daerah

Pertanyaan

kembang kadu ngarana

1 Jawaban

  • Kembang kadu ngarana nyaeta olohok. Kusabab kitu, jelema nu keur olohok sok disebut "ngembang kadu". Dina basa Sunda aya sawatara kembang nu miboga ngaran sewang sewangan. Eta sawatara ngaran kembang teh miboga harti ngeunaan pasipatan atawa wangun fisik jelema, saperti kembang kadu nu ngaranna olohok. Olohok teh mangrupa kecap anu nunjukeun sifat atawa kaayaan hiji jelema.  

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta ngaran sawatara kekembangan lianna, salian ti kembang kadu, jeung hartina:

    1. Alewoh ngaran kembang waluh, hartina ngomong terus terusan
    2. Bosongot ngaran kembang bako, hartina paroman jalma nu wanian
    3. Bolotot ngaran kembang cabé, hartina mata nu molotot
    4. Curiwis ngaran kembang kaso, hartina sok ngagoda atawa ngaheureuyan awewe
    5. Jamotrot ngaran kembang laja, hartina baeud atawa jamedud
    6. Méncéngés ngaran céngék, hartina geulis beda ti anu lianna
    7. Ulated ngaran kembang bawang, hartina anteng
    8. Jantung ngaran kembang cau, hartina siga nu kaget, jantungan

    Pelajari lebih lanjut

    • Artinya kembang jelengut https://brainly.co.id/tugas/11754201
    • Kembang jambu aer https://brainly.co.id/tugas/10830869
    • Artinya jamotrot https://brainly.co.id/tugas/11754147

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : 2

    Mapel : Bahasa Sunda -Lingkungan Alam Sabuderan Urang

    Bab : 6

    Kode : 2.13.6

    Kata Kunci : Kembang kadu ngarana

Pertanyaan Lainnya