B. Daerah

Pertanyaan

Unsur dari cerita babad basa sunda

1 Jawaban

  • Unsur struktur carita babad nyaeta jejer, latar, galur, palaku jeung amanat. Carita babad nyaeta salah sahiji rupa dongeng. Dongeng kaasup kana karya sastra anu eusina mangrupa carita kahyal atawa rekaan dina wangun prosa. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Pembahasan

    Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta dongeng fabel, parabel, mite, legenda jeung sage atawa babad. Dongeng babad nyaeta carita anu miboga unsur-unsur carita sajarah, nyaeta anu nyaritakeun kawanian, kapahlawanan, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma.  

    Dongeng babad biasana mangrupa carita ngeunaan peperangan di jaman baheula, anu umumna caritana panjang jeung eusina nyaritakeun kapahlawanan, jalma sohor anu legendaris. Conto dongeng babad nyaeta saperti dongeng Prabu Siliwangi jeung Dipati Ukur. Di handap dijentrekeun sacara leuwih rinci snsur struktur carita babad:

    1. Jejer nyaeta ide pokok nu aya dina carita
    2. Latar. Rupa-rupa latar nyaeta latar waktu, tempat, jeung suasana dina carita
    3. Galur atawa alur nu aya dina carita. Rupa-rupagalur nyaeta galur maju, galur mundur, jeung galur maju-mundur
    4. Palaku atawa tokoh nu aya dina carita
    5. Amanat atawa pesan dina carita

    Pelajari lebih lanjut

    • Unsur anonim dina dongeng https://brainly.co.id/tugas/13882470
    • Hartina dongeng brainly.co.id/tugas/9760216
    • Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng

    Bab : 5

    Kode : 10.13.5

    Kata Kunci : Struktur carita babad

Pertanyaan Lainnya